اَلسَّلا مُ عَليَْْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَ
كَا تُه
لم تظهر الفاحشة فى
قوم قط حتى يعلنوا بهاالا فشافيهم الطاعون
والاوجاع التى لم تكن
مضت فى اسلا فهم (روه ابن ماجه)
Lamun perjinahan,pelacuran geus jadi kabiasaan
di lampahken ku hiji kaom kalawan trang trangan,pasti bakal nyaliara panyakit
panyakit tho`un jeung rupa – rupa panyakit sejen na anu teu acan pernah
kajadian ti samemehna.(H.R Ibnu Majah)
1.Salamna kawilujengan Kasadaya ihwan-ihwan
Nulalajo
imtihanan Anu nuju
dipayunan
2.Sim abdi rek
ikut campur Ngaramekeun iyeu
lemur
Sanajan ngadegdeg tu'ur Rerempodan kana Cuhcur
3.Nangtung asa
singsireumeun Retep kana
roromeheun
Nyarita oge maksakeun Bakat hayang ngaramekeun
4.Cicing asa henteu
bener Awak asa arek hiber
Leungeun asa ngageleter Asa arek utah uger
5.Abdi murid pang
ageungna ageung
dina sagalana
Dina pangalaman nana Pait amis tos
ngarasa
6.Tos jadi sabulubulu Kelek oge atos bau
Atos jebrag kana suku Buta tulang butak hulu
7.Simabdi bade
ngelingan Kasadaya kaamanan
Bisi aya perjinahan Perkosaan
pembunuhan
8.Kahade masing
aringis Bisi ka hentepan iblis
Teu kaop ningal nu geulis
Inung sukuna muringis
9.Teu hilap bade
mieling Hususna kanu disamping
Kade katingli pingping bisi nu pamuda nyaring
10.Hususna kapara
istri Kudu bisa jaga diri
Tutup orat masing buni Dina tingkah masing nyari
11.Aya hiji gadis
donto Nu di sebut barang
jago
Loba tingkah olo-olo Persis budak oroleho
12.Bujurna di
centok-centok Buleud jiga kuya batok
Kawas nincak eeh kotok Gualgeol siga kokok
13.Tingkah laku
sing walagri Serasi jeung harga diri
Pakaian kudu Islami Ulah hayang nyiliwuri
14.Oge ka para
pamuda Kade sing bisa
ngajaga
Dirina jeung orangtua Salametkeun daerahna
15.Laku lampah masing
bener ulah kawas nu teu cageur
Sing inget loba nu ngincer Bisi
katewak kubuser
16.Belah katuhu
ayana Eta ladar nu ges Nyata
Malikat Rokib ngaranna
Nulisken amal hadena
17.Kitu dei belah
kenca Malaikat atid
ngarana
percis Saperti
kamera Nulisken amal
gorengna
18.Ulah pedah keur
sorangan Rasa moal kanyahoan
Wani ngalanggar aturan Nu dilarang ku pangeran
19.Tah sakitu ti
sim abdi Mieling diri pribadi
Kasadaya para istri Pamuda jeung palawargi
20.Saninten buah
saninten Ayana diparatan
Hapunten abdi hapunten Bilih aya kalepatan
اَلسَّلا مُ عَليَْْكُمْ وَرَحْمَةُ
اللهِ وَبَرَ كَا تُه
Tidak ada komentar:
Posting Komentar